Rabu, 17 November 2010

QURBAN

QURBAN

Paling henteu, aya tilu amalan atawa ibadah khusus anu kudu dilaksanakeun ku kaom muslimin dina bulan Zulhijah. Amalan kahiji, puasa sunah pikeun anu teu bisa ngalaksanakeun ibadah hajji, puasa dina poe Arofah (tanggal 9 Zulhijah), pikeun miceun dosa salila dua taun: taun kamari jeung taun nu bakal datang. Ngeunaan ieu Rasulullah saw. ngadawuh “Puasa dina poe Arafah teh pikeun miceun dosa salila dua tahun, nyaeta tahun kamari jeung taun nu bakal datang.”

Amalan kadua nyaeta salat Iedul Adha dina tanggal 10 Zulhijjah, sedengkeun amalan katilu nyaeta ngalaksanakeun ibadah kurban ku jalan meuncit hewan kurban. Kecap “Kurban” asalna tina kecap qurban, nu hartina ngadeukeutkeun. Ari nurutkeun kamus istilah kecap kurban nya eta meuncit sato dina poe Iedul Adha nepi ka tilu poe sanggeusna dina raraga ngadeukeutkeun diri ka Allah swt. Kurban oge disebut nahr atawa udhiya. Rasulullah saw. ngadawuh : He manusa ! Unggal-unggal kulawarga dikudukeun meuncit kurban (udhiyah) unggal taun.” (HR Abu Dawud jeung Tirmizi). “Sing saha bae anu aya dina kaleuwihan (mampuh kurban), manehna henteu meuncit sato kurban, manehna henteu meunang ngadeukeutan kula !” (HR Ahmad jeung Ibn Majah).
Di antara katangtuan pikeun ngalaksanakeun qurban teh saperti di handap ieu :
1. Ummat Islam anu mampuh kudu ngalaksanakeun qurban ku jalan meuncit hiji domba atawa embe. Lamun aya tujuh orang rereongan bisa keur meuncit hiji sapi keur kurban.
2. Sato anu sah pikeun dijadikeun kurban atawa budn (QD 22: 36) kudu anu sampurna nya eta henteu meunang cacad saperti lolong, gering, pincang, atawa begang, sarta kudu cukup umurna (musinnah), mun keur embe atawa domba kudu geus umur sataun sedengkeun onta kudu umur lima taun.
3. Meuncit sato kurban dilaksanakeun sanggeus rengse salat Idul adha nepi ka poe Tasyriq, nyaeta tilu poe sanggeus Idul Adha.
4. Jelema anu kurban dipiharep meuncit sorangan atawa sakurang-kurangna nempo dina waktu keur meuncit.

Daging kurban kudu dibagi-bagi ka fakir miskin, sanajan jelema anu kurban oge meunang nyokot sabagian daging keur didahar (QS 22: 36).





Sajarah Qurban
Mimiti ayana upacara qurban teh nya eta di jaman Nabi Ibrahim a.s, nalika dina hiji wengi anjeunna ngimpen dipiwarang ku Allah SAW supados meuncit putrana, Ismail a.s, pikeun ciri takwa ka Allah. Enjingna Nabi Ibrahim a.s ngadugikeun ka putrana, Ismail a.s, ngeunaan eta impenan. Ibrahim a.s ku anjeun henteu tega kangge nelasan putrana, namung waleran Ismail anu sakitu teuneungna, tatag tur daria, nyuhunkeun supados ramana nglaksanakeun jangjina ka Allah Swt nya eta bade ngalakukeun kurban pikeun tanda babaktina, takwana ka Allah Taala. Sanajan nalangsa kudu nelasan putrana, Ibrahim a.s tetap ngalaksanakeun parentah Allah Taala, nya eta meuncit Ismail. Dak dumadak timbul kaahengan. Ku Allah Taala dumadakan Ismail diganti ku hiji sato nu taya lian ti qibasy (domba Arab), sedengkeun Ismail leungit sapada harita sarta geus aya di nagari sejen nya eta di Kan’an. Jade ku kakawasaan Allah Taala, aya dua kajadian nu matak helok keur urang. Kajadian kahiji Ibrahim meuncit putrana geusan tanda bakti (takwa) ka Allah, tapi di sagigireun eta putrana geus diganti ku Allah ku Anjeun nya eta ku qibasy. Kajadian kadua Ismail geus aya di nagri sejen sarta nuluykeun pancen ramana geusan terus nyebarkeun agama nu sanggeus Nabi Muhammad SAW diaranan agama Islam.
Pikeun pangeling-ngeling kana kajadian ieu, nya ti harita unggal Idul Adha kudu bae ummat Islam ngayakeun upacara kurban kalawan aturan saperti anu kaungel di luhur.

Qurban Tanda Taqwa
Memang endah ajaran agama urang teh, bisa ngaitkeun antara dua kapentingan, nyaeta hubungan urang jeung Alloh, nu dimanifestasikan dina wangun ibadah khusus saperti solat jeung zakat, sarta hubungan urang jeung sasama manusa anu dimanifestasikeun dina wangun ibadah husus jeung amal saperti kurban.
Lamun urang geus bisa sadar kalayan ngarti tur dibarengan kayakinan, oge dibeungkeut dina hate anu bener bener ikhlas ka Pangeran, yen kadua hal diluhur, ngaguar hate kana jalan kataqwaan, kalayan bisa ngabuktikeun sakumaha luhurna ajaran islam, tur sakaligus ngarasakeun nikmatna ngalaksanakeun tuntunan Islam dina kahirupan sapopoe.
Islam teh kakara karasa nikmatna, sanggeus dilaksanakeun ajaranana, numawi kitu hayu urang babarengan miluruh hikmah anu aya di sajeroning ibadah sakumaha anu diwajibkeun, supaya ngalaksanakeunnana teu ngarasa ngansaukur kawajiban wungkul, tapi oge dirasakeun memang kabutuhan atanapi hak .
Hayu urang laksanakeun ibadah jeung amaliah anu sabener benerna , saluyu jeung aturan anu geus ditangtukeun, sangkan kenging ridho, sarta ampunan ti Alloh SWT.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar